Senin, 05 November 2012


  • Mingpin acara rapat.

Mingpin Rapat

Aya sababaraha hal anu perlu diperhatikeun upama urang rék mingpin rapat, supaya lumangsung kalayan lancar, di antarana:
1. Catat materi nu bakal dirapatkeun.
2. Siapkeun notulén, nya éta tukang nuliskeun hal-hal nu penting dina rapat. Utamana hasil rapat.
3. Usahakeun rapat dimimitian saluyu jeung waktu nu geus ditangtukeun.
4. Sanggeus saréréa karumpul, langsung buka:
- Ngucapkeun salam
- Ngahaturkeun nuhun kana kadatangan hadirin
- Sebutkeun mareri pasualan nu rék dirapatkeun
- Sebutkeun tata-tertib rapat.
5. Dina waktuna méré kasempetan ka hadirin nyarita, kudu diwatesanan, boh waktuna, boh jumlahna. Lain ti éta kudu teges deuih.
6. Upama aya pananya, jawabna ulah ngayayay, tapi sing tandes jeung ringkes.
7. Upama geus meunang kacindekan, gancang tutup. Ulah poho ngahaturkeun nuhun ka hadirin.

Rapat Rencana Piknik Akhir Taun Kelas XI
Materi : Tempat Tujuan
Waragad

Pembukaan rapat
Assalamualaikum Wr Wb
Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puja sareng puji ka Gusti Alloh. Margi ku kersa Mantena urang sadaya tiasa ngumpul ngariung, di ieu tempat, kalayan dipaparin kaséhatan.
Timpah hatur nuhun ka sadayana, Ibu wali kelas sareng rerencangan sadaya kana kasumpinganana. Salajengna supados teu nyangkolong kana waktos, saéna rapat urang kawitan.
Réréncangan nu sami hadir, urang téh tos terang yén dina akhir taun ieu urang salaku kelas XI bakal papisah deui ku lantaran kelas XI nu naek ka kelas XII bakal dirobah deui susunan murid-muridna. Ku sabab kitu, dina raraga perpisahan ieu teu aya salahna lamun urang sakelas ngayakeun piknik ka tempat wisata. Tah gunana rapat ieu téh pikeun ngabahas pamaksadan piknik éta. Nya nu utamanamah ngabadamikeun masalah tempat jeung waragad.

Di dieu sim kuring ngawakilan panitia ngasongkeun sababaraha tempat nu sakintena bisa dijadikeun tempat tujuan wisata, di antarana : anyer (Banten), cibodas (Cianjur), lembang (Bandung), Pangandaran (Ciamis), Pelabuan ratu (Sukabumi). Tah tina lima tempat téh dua diantarana nyaéta di sabudeureun gunung, jeung tilu diantarana nyaéta si sabudeureun basisir. Namung éta nembé usulan ti panitia, upami aya usulan tempat sanés mangga ké di dugikeun dina bagian tanya jawab.
Masalah nu salajengna ngeunaan masalah waragad, numuntkeun pangalaman waraga nu diperlukeun pikeun piknik salami sadinten sawengi téh nyaeta Rp. 700.000/jalmi. Eta tos kalebet ongkos, tuang, sareng akomodasi. Tah sakintenamah warag éta oge disaluyukeun sareng tempat anu bakal urang tuju. Tah upami tampat anu dituju parantos sapuk, urang oge kira-kirana tiasa nangtukeun kinten-kinten waragad aku diperyogikeun. Teu kudu matok sakitu sabab ieu nembe rapat awal, tiasa waé éta waragad téh robah. Namung dia waktos ayeuna kedah ditangkukeun rarancangna.

Tah rencana kagiatan parantos didugikeun ku sadérék …. Salaku ketua panitia. Ayeuna pribados salaku moderator masihan kasempetan ka para hadirin pikeun ngajukan patarosan atanapi ngajukeun pamadegan ngeunaan rencana kagiatan anu ku bakal dilakukeun ieu. Sajabi ti éta sim kuring dina bagian ieu masihan kasempetan pikeun 3 urang panaros, pami waktos kinten-kinten masih cekap bakal ditambih kana bagian 2 pikeun 3 orang panaros deui.

Alhamdulilah…. Sapertos anu nembé diaoskeun ku Notulén, rapat parantos ngahasilkeun sababaraha putusan. Mugi-mugi dina waktosna tiasa dilaksanakeun kalayan lancer. Teu hilap sim kuring ngahaturkeun nuhun kana kahadiran réréncangan sadaya dina rapat ieu. Kirang langkungna salami sim kuring mingpin rapat, aya cariosan anu teu matak nyelekit kana ati atanapi anu matak tugenah manah, hapunten anu kasuhun. Salejengna rapat urang pungkas ku sasarengan maca hamdalah, Alhamdulillah…

Maca Pedaran

Adat Istiadat Dina Ngalamar

Prah dimana-mana, atawa biasa kapanggih. Kaasup di luar nagri. Saméméh lalaki jeung awéwé resmi dikawinkeun, sok dimimitian heula ku acara ngalamar. Ngan carana anu teu sarua atawa béda-béda téh. Cara ngalamar urang Amérika, pasti beda jeung Indonesia. Nya kitu deui antara urang Jawa Tengah atawa Jawa Timur jeung urang Sunda.
Urang Sunda ogé gumantung kana waktu jeung tempatna. Cara ngalamar jaman baheula jeung ayeuna,pasti henteu sarua. Nya kitu deui cara ngalamar orang Cianjur jeung urang Banten, éta ogé moal sarua deui.
Ngalamar jaman ayeuna leuwih gampang jeung sederhana. Béda jeung jaman baheula, loba pisan cara jeung aturanana.
Jaman beheula mah, antara si lalaki anu ngalamar, jeung si awéwé nu rék dilamar téh, tacan tangtu wawuh. Ari ayeuna mah apan, umumna lain waé geus wawuh, tapi geus jadi bébéné (kabogoh). Jadi nu disebut ngalamar téh, ukur formalitas atawa nanya resmi, siap henteuna si awéwé diajak kawin.
Atuh jawabanana ogé, moal aya nolak. Langsung satuju, malah sakalian nangtungkeun waktuna. Ari sababna lain ti padawawuh, biasana sarua bogohna.
Tah ngalamar jaman baheula mah can tangtu kitu. Teu unggal ngalamar pasti ditarima. Bisa waé awéwéna nolak, boh lantaran boh teu bogoh, boh lantaran geus kapiuhan ku nu séjén. Ngan dina nolakna tara togmol nyebut embung. Upamana langsung ngajawab, “ Punten pun anakna henteu bogheun” Atawa, “Punten parantos aya nu gaduh”.
Tapi diusahakeun sangkan dina nolakna, henteu matak nyerieun hate pihak nu ditolak. Contona, “Nya éta pun anak téh, teu acan aya niat rarabi. Ma’lum kénéh masih bau jaringao.” Padahal nemp umurna, geus meujeuhna dikawinkeun. Ngan ku sabab awéwéna teu bogoh atawa kolotna teu satuju, lamaranana kapaksa ditolak.
Lamun haying leuwih jentré awéwéna teu bogoheun, carana nolak bisa ku cara mapandékeun kana manuk. Biasana manuk titiram. “Nya éta gaduh manuk téh titiran emas, sakurungna kedah sareng titiran emas deui.” Maksudna anak kuring téh teu bogoheun. Bisa jadi lantaran anu ngalamarna kurang kasep.
Baheula mah sual jodo téh kacida apikna. Méméh ngalamar jeung narima lamaran, kudu puguh heula, anak saha, beunghar atawa hentau. Boga pangkat atawa ukur jelema biasa. Tegesna, ditaliti heula kaayaan kulawargana, bisi hentu sarua atawa henteu saimbang.
Ari sabab harita mah, anak ménak kudu jeung anak ménak deui. Nu beunghar kudu jeung nu beunghar deui. Nya kitu deui jeneng, jodona wajib ka nu jeneng deui.
Kumaha carana supaya apal? Biasana rerencepan dipaluruh. Mun teu kitu, ku cara malibir téa. Utamana lamun tacan waauh.
Di Cianjur baheula, aya kabiasaan kieu: titaha si lalaki, ngahaja nyémah ka kulawarga awéwé. Sanggeus disuguhan, si Pribumi sok buru-buru nanya:
“Geuning aya pikeresaun naon, asa raraeuwas teuing?” cék pribumi.
“Nya éta gaduh manuk, mung teu acan gaduh kurungna,”
“Kagungan manuk naon kitu?”
“Titiran emas”
“Euleuh atuh kurung na ogé kedah kurung nu saé. Kaleresan gaduh hiji, hég teu acan aya manukan.”
Tina obrolan diluhur kanyahoan wéh, boh lalakina boh awéwéna sarua turunan ménak. Béda deui upama si sémah nyebutkeun manuk piit atawa ukur cangkurileung. Nya kitu deui upama pribumi ukur nyebutkeun aya kurung biasa, hartina turunan jelema biasa.
Cara séjenna dina nyuguhan. Upama pribumi hayang némbongkeun, yén manéhna kulawarga ménak, wadah suguhna sok ngagunakeun bahan poslén. Utamana pisin jeung cangkirna. Engkéna saméméh ki sémah ngasaan susuguh pribumi, sok nanya kieu:
“Euleuh ieu cacangkir aya ku saé aya ku saé, moal lepat deui bahanna tina poslén,” maksudna nanyakeun naha enya pribumi téh kulawarga ménak?
“Leres poslén asli wedalan Cina,” maksudna bener malah ménak bolongkotan. Lain ngan ukur tuturunan, atawa boga gelar radén paméré pédah aku buyutna kungssi digawaé di karaton.
Dijawab deui ku ki sémah, “Kaleresan, di rorompok ogé gaduh hég sami heug mani sami pisan,” maksudna sarua manéhna ogé kulawarga ménak asli.
Eta anu dicaritakeun di luhur, kakara ngalar tahapan kahiji. Upama kira-kita sarua satuju, isuk pageto kira-kira bakal datang deui, resmi ngalamar. Tahapan ka dinya disebutna neundeun omong. Duanana kakara satuju. Tapi, boh pihak awéwé, boh pihak lalaki , acan katingali ku jangji nanaon. Ku kituna teu menunang masing rék ngabatalkeun ogé.
Naon sababna disebut neundeun omong? Sabab pihak lalaki tacan méré nanaon. Mung barangbeuli téa mah acan méré tanda pangjadi.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar