Senin, 05 November 2012

Bahasa Sunda

A. Ngaregepkeun Kawih 

1). Kawih


    Kawih teh nyaeta lalaguan sunda bebas, anu henteu kauger atawa kaiket ku aturan, boh laguna, boh rumpakana. Lalaguan pop sunda karangan nano.S, Doel sumbang, atawa nu sok dihaleuangkeun ku seniman calung Hendarso, eta teh lagu kawih.     Contoh lagu kawih "Bubuy Bulan" (ciptaan Beni Corda),"kalangkang", "Anjeun", "Cinta" (Cipataan Nano.S), "Emen" (ciptaan Nico), "pangandaran", "somse" (ciptaan Doel sumbang), "Mawar Bodas", "Dina amparan sajadah" anu di kawihkeun ku Hendarso, "Curug Cidulang" jeung "ulah ceurik" anu dihaleuangkeun ku Yayan Jatnika.          upama aya lagu bebas tangtuna aya nu teu bebas atawa kauger ku aturan, boh laguna, boh rumpakana, anu kitu teh di sebutna tembang.cianjur sok di sebut seni tembang, sabab lagu jeung rumpakana, aya aturanana anu maneuh. upamana bae rumpakana dina wangun pupuh.       


     lian kawih jeung tembang aya deui kakawihan. kakawihan teh lalaguan barudak. upamana bae "Cingciripit", "Ayang-ayang Gung", "Sasa limpetan", "Eundeuk-eundeukan", jeung "Cingcangkeling". Kakawihan biasana dihaluangkeun bari arulin. 

  • KAWIH JEUNG TEMBANG
  • Kawih teu kaungger ku pupuh
  • Tembang kaungger ku pupuh
lagu anu asalna ti b.inggris/b.indosia eta teh termasukna kawih. 


Tidak ada komentar:

Posting Komentar